MAKALAH Kapercayaan jeung Sistem Urang Sunda
PANGJAJAP
Puji sareng syukur mangga urang
sanggakeun ka hadirat Alloh SWT lantaran barkat rahmat-Na simkuring saparakanca
tiasa ngabereskeun ieu makalah kanggo nuntaskeun pancen ti ibu dosen. Sholawat
sareng salam mugi-mugi salamina kacurah limpahkeun ka jungjunan alam nyatana
Nabi Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargina sareng ka shahabatna sareng
mudah-mudahan dugi ka urang sadayana. Amin
Makalah ieu di judulan ku “Kapercayaan Jeung Sistem Panganyaho Urang
Sunda”. Panyajian anu aya dina makalah ieu nyaeta kapercayaan jeung sistem
naon nu aya di urang sunda sarta sadaya panganyaho nu aya djerona, anu tujuanna
pikeun nyumponan pancen ti dosen “Bahasa dan
Budaya Daerah/Sunda”. Tujuan anu sejenna nyaeta pikeun ngembangkeun kanyaho
urang kana Budaya Sunda nu aya di Indonesia.
Saleres-leresna makalah ieu pasti wae
aya kakiranganna anu teu di sadari ku simkuring saparakanca. Kumargi kitu
simkuring saparakanca anu nyusun kana makalah ieu nyuhunkeun kritikan sareng
saran ti Ibu dosen mata palajaran pikeun nyampurnakeun makalah ieu
pikahareupeun.
Tungtung basa, simkuring saparakanca
ngucapkeun hatur nuhun ka Ibu dosen anu parantos ngabimbing simkuring
saparakanca kana nyusunna ieu makalah. Oge simkuring saparakanca salaku anu
nyusun ieu karya ilmiah ngaharepkeun supaya ieu karya ilmiah teh tiasa manfaat
kanggo ngembangkeun katerampilan dina kabudayaan Sunda, sareng tiasa manfaat
kanggo para mahasiswa pikeun diajar kabudayaan Sunda.
Bandung, 26 Oktober 2016
Panyusun
BAB I
BUBUKA
1.1. Kasang Tukang
Undang–undang No. 20 taun 2003 pikeun Sistem Pendidikan
nasional Pasal 37 ayat I “Kurikulum dasar dan Menengah wajib membuat muatan
lokal”. Perda No. 5 taun 2003 pikeun “Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Bahasa
Daerah”. SK Gubernur Jawa Barat No. 3 taun 2004 pikeun “Petunjuk Pelaksanaan”. Perda
No. 5 Taun 2003 “Basa Jeung Sunda Kaasup Mata Pelajaran Mutan Lokal Jawa Barat
nu Kudu diajarkeun di mimiti TK atanapi PAUD nepi ka Perguruan Tinggi”, pangajaran
di TK di ewarken jeung kagian basa eta kagiatan di ajar nu sejena, luyu jeung
standar eusi pendidikan.
Mekarkeun kamampuh ngagunakeun basa sunda pikeun murid TK/RA
nyaeta alat komunikasi jeung lingkunganana, alat pikeun mekarkeun intelektual
anak, alat pikeun mekarkeun ekspresi anak, jeng alat pikeun ngebrehken rasa
jeung pikiran ka jalma nu sejenna. Dina kahirupan sapo-poe
urang sarerea pasti wae pernah nguping istilah kabudayaan atawa sistem. Tina
maca urang sarerea bakal manggihan elmu jeung manfaat pikeun kahirupan. Salah
sahiji kabudayaan di Indonesia nyaeta kabudayaan Sunda. Sunda nyaeta salah
sahiji suku nu aya di Indonesia anu ngabogaan ciri sapertos degung, jaipong,
borondong garing, pupuh, sareng sajabana.
1.2. Rumusan Masalah
a. Kapercayaan
jeung budaya nu aya di urang sunda?
b. Sistem naon
nu aya di urang sunda?
c. Nu kumaha
sajarah sunda nu saleresna?
1.3. Maksud Jeung Tujuan
Maksud
tina makalah ieu nyaeta pikeun nganyahokeun kapercayaan jeung sistem panganyaho
urang sunda sarta kabudaannana.
Tujuanna tina
nyieun makalah ieu nyaeta:
Æ Nganyahokeun salah sahiji
kapercayan jeung sistem paganyaho urang sunda
Æ Nganyahokeun kabudayaan urang
sunda.
Æ Bisa nambahan
kana kanyaho tina kapercayaan jeung sistem panganyaho urang sunda jeung
kabudayaannana.
BAB II
PEDARAN
2.1. KAPERCAYAAN JEUNG BUDAYA URANG SUNDA
Sabagain masyarakat suku Sunda
nganut agama Islam, mung aya oge anu nganut agama Kristen, Hindu, Budha, jeung
sajabana. Aranjenna kagolong nu nganut agama nu taat, kusabab ker maranehna
kawajiban ibadah teh nyaeta utama. Contona dina ngajalankeun ibadah puasa,
solat lima waktu, sarta munggah haji ker nu mampu. Aranjenna oge masih percaya
kanu ayana kakuatan gaib. Conto sejen ayana upacara-upacara nu ngahubungkeun
jeung salah sahiji fase dina sabunderen kahirupan, ngadirikeun imah, melak
pare, jeung sajabana. Hasil-hasil teknologi kiwari oge gampil dipiboga sapertos
alat-alat nu digunakeun kanggo tani nu baheula mah masih menggunakan parabot
sarta alat tradisional, ayena rubah ku alat modern, sapertos traktor jeng mesin
panggiling pare. Salian eta oge kantos aya alat-alat telekomunikasi jeung
barang elektronik modern nu ayena mah suku sunda langkung maju kana
parkembangan zaman.
Budaya Sunda nya éta budaya nu dipimilik ku urang Sunda.
Najan budaya Sunda loba nu nyaruakeun jeung budaya tatanggana di Nusantara/Indonésia, tetep baé loba bédana. Misalna
dina seni tembang Cianjuran, nu najan lirikna loba nu nyokot tina dangding, jeung najan asalna mémang tina seni vokal Jawa, tapi kamekarannana ayeuna geus
bisa disebut lain-lainna deui dibanding jeung seni karawitan Jawa.
Naskah Sanghyang
Siksa Kanda ng Karesian
nyebutkeun ngeunaan ayana rupa-rupa kamonésan dina widang kabudayaan, di
antarana mémén (dalang), paraguna (ahli karawitan), hémpul
(ahli kaulinan), prépantun (juru pantun), lukis (seni batik), jeung darmamurcaya (juru
basa nu ahli rupa-rupa basa deungeun). Dina naskah éta ogé kasebut sababaraha
carita, lakon pantun, jeung kitab pusaka kaagamaan, nu ngabuktikeun yén dina
mangsa harita kasusastran tulis Sunda geus mekar. Gedé kamungkinanana yén jenis
sastra mangsa harita mah lolobana dina wangun sastra lisan, kayaning
jampé-jampé, pupujian, lagu-lagu kaulinan, kawih jeung carita pantun, jeung
carita biasa.
Budaya Sunda nya éta budaya nu dipimilik ku urang Sunda.
Najan budaya Sunda loba nu nyaruakeun jeung budaya tatanggana di
Nusantara/Indonésia, tetep baé loba bédana. Misalna dina seni tembang
Cianjuran, nu najan lirikna loba nu nyokot tina dangding, jeung najan asalna
mémang tina seni vokal Jawa, tapi kamekaranana ayeuna geus bisa disebut lain-lainna
deui dibanding jeung seni karawitan Jawa.
2.2. SAJARAH URANG SUNDA
Ngaran
karajaan Sunda nembe muncul ti abad ka-8 kalanjutan atawa panerus karajaan
Tarumanegara. Pusat karajaanna aya disabunderan Bogor, kiwari Sajarah Sunda
ngalaman babak enggal kumargi arah pesisir utara di Jayakarta (Batavia) abus
kakuasaan kompeni Belanda ti taun 1610 jeung di arah jero sebelah timur abus
kakuasaan Mataram ti taun 1625.
Saur
RW. Van Bemelan taun 1949, Sunda nyaeta mangrupa istilah nu digunaken kanggo
ngaranan daratan bagean barat laut wilayah India timur, samentara daratan bagean
tanggara dingaranan Sahul. Suku Sunda mangrupakeun kelompok etnis nu aya ti
bagean barat pulo Jawa, Indeonesia. Nyaeta ti Jawa Barat. Daerah nu serig oge
disebut Tanah Pasundan atawa Tatar Sunda.
Naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian nyebutkeun ngeunaan
ayana rupa-rupa kamonésan dina widang kabudayaan, di antarana mémén (dalang),
paraguna (ahli karawitan), hémpul (ahli kaulinan), prépantun (juru pantun),
lukis (seni batik), jeung darmamurcaya (juru basa nu ahli rupa-rupa basa
deungeun). Dina naskah éta ogé kasebut sababaraha carita, lakon pantun, jeung
kitab pusaka kaagamaan, nu ngabuktikeun yén dina mangsa harita kasusastran
tulis Sunda geus mekar. Gedé kamungkinanana yén jenis sastra mangsa harita mah
lolobana dina wangun sastra lisan, kayaning jampé-jampé, pupujian, lagu-lagu
kaulinan, kawih jeung carita pantun, jeung carita biasa.
2.3. SISTEM URANG SUNDA
·
Sistem Organisasi Sosial dan Kemasyarakatan
Nu dimaksud sistem sosial nyaeta
sistem pangalompokan sosial ngadasarken ti umur, jenis kelamin, jeung hubungan
duduluran. Sareng organisasi kamasyarakatan nyaeta hubungan nu aya antara
salahsahiji jelema atawa golongan jelema di jero masyarakat nu geus dipolakeun,
sahingga ngajadi hiji sistem hubungan.
1. Sistem sosial
ngadasarkeun umur
a. Orok: 0-12
bulan
b. Budak: 1-15 taun
c. Bujangan/mojang:
16-25 taun
d. Sawawa/dewasa: 26-40
taun
e. Kolot: 41 taun
kaluhur
2.
Sistem sosial ngadasarkeun jenis kelamin
a. Pagawean
b. Kaulinan
c. Warisan
d. Jodo
e. Nyokot kaptusan
jeng sajabana
·
Organisasi Sosial/Kamasyarakatan
Organisasi tradisional nyaeta
organisasi nu muncul kusabab hasil inisiatif jeung kreatif masyarakat
desa, nu dijurungkeun ku pangabutuh dina ngarengsekeun masalah-masalah nu
dipayunan, sedangkeun organsasi modern nyaeta lahir kusabab dihaja di jieun,
biasana ti pihak luhur desa jeung anggaran dasar sarta anggaran rumah tanggana.
1. Organisasi tradisional hubunga nu boga
tanah jeung nu nggarap tanah
a. Memaro: bagean hasil panen sarua
b. Mertelu: bagean hasil panen 1 ngabanding
2
c. Mlayang: bagean hasil panen 10
sangga ker 3 bau sawah
d. Hejoan: panginjeman duit nu dibayar
make hasil panen
2. Organisasi tradisional
hubunganna jeung kehirupan desa di priangan
a. Hiras/ngahiras:
biasana aya dina ngadiriken imah, tandur jeng hajatan
b. Liliuran: tuker
tanaga dina salahsahiji pagawean A : B atawa B : A
c. Kondangan/Ondangan/Uleman:
dina acara syukuran
3. Organisasi
tradisional didasarken kapentingan ekonomi
a. Sistem ijon:
panginjeman pare dina musim paceklik jeng di bayar dina musim panen sarta
bungaan.
b. Sistem nyambat:
pamenta bantuan tanaga ti tatangga sarta bayaran materi
c. Sistem
ceblokan: sistem kontrak panggarap sawah ku hiji kelompok patani nepi panen
jeng hasil panen di bagi sasuai kasapaketan
d. Sistem pajegan:
sistem kontrak teu nepi panen
e. Sistem sewa
tanah: nyewaken tanah ka pamilik modal lantaran kabutuhan sejen
2.4.
BASA,
AKSARA, JEUNG SASTRA
Salian ti naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian,
naskah-naskah séjén ti jaman nu leuwih anyar salaku bukti kasusastran Sunda nu
aya di Musieum Pusat Jakarta di antarana Carita Parahyangan, Carita Waruga
Guru, jeung Carita Ratu Pakuan.
Saasupna pangaruh Jawa (Mataram Islam) dina abad ka-17, di
masarakat Sunda tumuwuh bentuk wawacan nu ditulis dina aksara Cacarakan. Aksara
Arab gé mimiti dipaké pikeun nulis basa Sunda.
Ku datangna bangsa Éropa, utamana dina munggaran abad ka-19,
aksara Latin ogé mimiti dipiwanoh jeung dipaké. Beuki dieu, dina panungtungan
abad ka-19, cara nulis nurutkeun ajén-inajén modérn mimiti dipaké ku Muhamad
Musa: méré tanda baca dina tulisan Cacarakan jeung mimiti dipakéna aksara
Latin.
Taun 1912, aturan nulis basa Sunda ku aksara Latin dijieun
ku Ardiwinata spk. Percitakan ogé mimiti dipaké. Wujud sastra Kulon samodél
roman jeung carpon ogé mimiti dipikawanoh. Kalawarta Sunda mimiti medal awal
abad ka-20.
Roman Sunda munggaran dikarang ku Ardiwinata nu judulna
Baruang ka nu Ngarora, dituturkeun ku Méméd Sastrahadiprawira, Yuhana, Moh.
Ambri, jeung Margasulaksana (roman ditéktip Diarah Pati).
Kumpulan carpon munggaran ditulis ku G. S. (ngan dikenal
sandiasmana wungkul) dina judul Dogdog Pangréwong (1930), dituturkeun ku M. A.
Salmun, Rusman Sutiasumarga, Tini Kartini, RAF, Wahyu Wibisana, jsb. Sajak
bébas basa Sunda diluluguan ku Kis W. S..
Wangunan lakon teu pati ngembang dina basa Sunda, sabab aya
gending karesmén nu leuwih dipikaresep. Dina jaman méméh perang, buku-buku
sastra Sunda lolobana wedalan Balé Pustaka, Jakarta. Sanggeus perang, karya
sastra Sunda leuwih loba nu medal ti pamedal-pamedal swasta.
”
BAB III
PANUTUP
PANUTUP
3.1. Kacindeukan
Sabagain masyarakat suku Sunda
nganut agama Islam, mung aya oge anu nganut agama Kristen, Hindu, Budha, jeung
sajabana. Aranjenna kagolong nu nganut agama nu taat, kusabab ker maranehna
kawajiban ibadah teh nyaeta utama. Contona dina ngajalankeun ibadah puasa,
solat lima waktu, sarta munggah haji ker nu mampu. Aranjenna oge masih percaya
kanu ayana kakuatan gaib. Conto sejen ayana upacara-upacara nu ngahubungkeun
jeung salah sahiji fase dina sabunderen kahirupan, ngadirikeun imah, melak
pare, jeung sajabana.
Ngaran
karajaan Sunda nembe muncul ti abad ka-8 kalanjutan atawa panerus karajaan
Tarumanegara. Pusat karajaanna aya disabunderan Bogor, kiwari Sajarah Sunda
ngalaman babak enggal kumargi arah pesisir utara di Jayakarta (Batavia) abus
kakuasaan kompeni Belanda ti taun 1610 jeung di arah jero sebelah timur abus
kakuasaan Mataram ti taun 1625.
Nu dimaksud sistem sosial nyaeta sistem pangalompokan sosial ngadasarken
ti umur, jenis kelamin, jeung hubungan duduluran. Sareng organisasi
kamasyarakatan nyaeta hubungan nu aya antara salahsahiji jelema atawa golongan
jelema di jero masyarakat nu geus dipolakeun, sahingga ngajadi hiji sistem
hubungan. Organisasi tradisional
nyaeta organisasi nu muncul kusabab hasil inisiatif jeung kreatif
masyarakat desa, nu dijurungkeun ku pangabutuh dina ngarengsekeun masalah-masalah
nu dipayunan, sedangkeun organsasi modern nyaeta lahir kusabab dihaja di jieun,
biasana ti pihak luhur desa jeung anggaran dasar sarta anggaran rumah tanggana.
3.2. Saran
Urang Sunda Kedah Ngahiji Kangge
ngahontal cita – cita leluhur anu atos dipaparkeun dina kidung kawih cianjuran,
urang ulah cicing, urang kedah maju dina sagalana ambeh ulah terus aya
dihandap. Hayu batur sauyunan ngawangunnegeri tatar sunda, ulah nepi ka aya
basa jeung carita anu judulna “ Kamana Ari Urang Sunda “.
DAPTAR
PUSTAKA
http://www.initialdastroboy.wordpress.com,Sistem Organisasi
Masyarakat Sunda Potret Kehidupan Urang Sunda, 20 Oktober 2011, 17:30.
Wikipedia: 2011 Budaya Sunda Founder Jimmy
Walles
Inter Media 2011 Bentuk Kujang KPM Galuh Rahayu Ciamis-Yogya
Komentar
Posting Komentar